RSS

CIAMIS PULANGKEUN DEUI KA GALUH

28 Nov

Dr. A. Sobana Hardjasaputra, S.S., M.A.*

Balaréa di Tatar Sunda umumna pada apal, yén daérah jeung pamaréntahan
Ciamis, baheulana disebut Galuh. Dina mangsa awal gelarna, Galuh téh ngaran hiji
karajaan di Tatar Sunda. Leungit gelar karajaan, ganti jadi kabupatén. Sanggeus jadi
kabupatén, ngaran Galuh diganti jadi Ciamis (1915).
Karajaan Galuh diadegkeun ku Wretikandayun dina awal abad ka-7 M.
Puseur dayeuhna ogé sarua disebut Galuh (tempat anu ayeuna disebut
Karangkamulyan, sakiduleun puseur dayeuh Ciamis). Karajaan jeung puseur
dayeuhna dingaranan Galuh, dumasar kana kecap “galuh” anu ngandung harti
permata.
Galuh sabagé karajaan lumangsung dina waktu kacida lilana, nyaéta nepi ka
akhir abad ka-16 M. Dina tahun 1595 Galuh kaeréh ku Mataram. Kadudukanana
robah tina karajaan jadi kabupatén vassal (patalukan) Mataram. Antara tahun 1705
nepi ka akhir abad ka-18 M., Kabupatén Galuh aya dina kakawasaan Kompeni
(VOC). Ti mimiti awal abad ka-19 M., Kabupatén Galuh ku Pamaréntah Hindia
Walanda diasupkeun ka wilayah Karesidénan Cirebon nepi ka taun 1915.
Waktu Kabupatén Galuh diparéntah ku Bupati R.T.A. Sastrawinata (1914 –
1935), éta kabupatén dikaluarkeun deui ti wilayah Karesidénan Cirebon sarta
diasupkeun ka wilayah Karesidénan Priangan. Nya harita pisan (taun 1915) sacara
resmi, Galuh sabagé ngaran daérah jeung pamaréntahanana diganti jadi Ciamis.
Sanajan kitu, ngaran Galuh tetep nyantél dina ati sanubari urang Galuh tug
nepi ka kiwari. Dina kahirupan masyarakat, kecap “Galuh” dipaké ngaran mangruparupa
widang kagiatan. Contona, jadi ngaran paguron luhur nyaéta Universitas
Galuh); ngaran organisasi atawa pakumpulan, kayaning Wargi Galuh, Yayasan
Galuh Taruna, Asrama Mahasiswa Galuh (di Yogyakarta), jeung réa-réa deui. Hal
+) Dimuat dina Mingguan GALURA, Nov. 2003 & Majalah CUPUMANIK, No. 8 Th. I, Maret 2004.
2
éta ngébréhkeun yén urang Galuh leuwih reueus ngagunakeun ngaran Galuh batan
Ciamis. Pikeun urang Galuh mah, éta kareueus téh beunang disebutkeun natrat
sapanjang zaman, lain pédah kiwari loba urang Sunda anu ngadurenyomkeun deui
masalah jati diri.
Naon sababna urang Galuh leuwih reueus ngagunakeun ngaran Galuh batan
Ciamis? Sikep masyarakat anu ngébréhkeun kapengkuhan kana jati dirina, sakuduna
meunang panowéksa (perhatian) ti pamaréntah daérah, luyu jeung kawajiban
pamaréntah, nyaéta ngayomi jeung merhatikeun aspirasi masyarakat. Pamikiran éta
pisan anu ngahudang ayana pameredih anu jadi judul ieu tulisan.
Pikeun ngajawab éta pananya, tinangtu kudu dipaluruh kasang tukangna.
Kecap Galuh jeung Ciamis kudu dikanyahokeun asal-usul jeung hartina, sarta ajén
anu tumerap dina éta kecap (ngaran).
Asal-usul Kecap Galuh jeung Ciamis
Dina basa Sansakerta, kecap “galu (h)” miboga dua harti. Kahiji, sabangsa
batu permata. Kadua, putri raja anu masih kénéh lajang, tapi geus nyekel
pamaréntahan. Aya ogé anu nyebutkeun yén kecap “galuh” hartina sarua jeung
“galeuh”, nyaéta bagian tengah (inti) tangkal kai anu pangteuasna. Pamanggih séjén
nyebutkeun yén kecap “galuh” babandinganana jeung “galih”, nyaéta jeroning pikir.
“Galih” téh “galeuhna” kalbu (ati sanubari). Ari W.J. van der Meulen (sajarawan
Walanda) nyebutkeun yén kecap “galuh” asalna tina kecap “sakaloh”, anu hatina “ti
walungan asalna”. Harti “galuh” nu mana anu bener? Gumantung kana dilarapkeunana
éta kecap.
Kumaha ari kecap Ciamis? Ti mana asal-usulna jeung naon hartina? Ciamis
asalna tina dua kecap, nyaeta “ci” jeung “amis”. Kecap “ci” nuduhkeun cai. Éta
kecap memang ilahar dijadikeun bagian awal ngaran tempat anu ngabogaan loba
sumber cai (walungan jeung sajabana). Di daérah Ciamis ogé loba walungan jeung
sumber cai séjénna. Kecap “amis” dina basa Sunda nuduhkeun rasa, saperti rasa gula
atawa madu. Tapi dina basa Jawa mah, kecap “amis” téh nuduhkeun bau hanyir,
saperti hanyir getih, hanyir lauk atawa daging, jsté.
3
Pikeun muguhkeun naha kecap “galuh” jeung “ciamis” ngabogaan ajén dina
kahirupan masyarakat Galuh (Ciamis), tinangtu kudu dicukruk galurna dipapay
raratan sajarah digunakeunana éta kecap (ngaran) dina kahirupan urang Galuh
(Ciamis), ti bihari tug nepi ka kiwari.
Numutkeun Wawacan Sajarah Galuh, di tatar Sunda, kecap (sebutan)
“galuh” geus dipaké ti mimiti zaman méméh sajarah (prasejarah). Mimitina éta
kecap dipaké ngaran ratu, nyaéta Ratu Galuh. Sanggeus ngéléhkeun bangsa siluman,
Ratu Galuh ngadegkeun nagara di Lakbok. Saterusna, kecap “galuh” digunakeun
dina ngaran nagara anu diadegkeun ku Ratu Galuh, nyaéta Bojonggaluh, minangka
gaganti nagara Lakbok. Éta nagara pernahna di daérah patimuan walungan Cimuntur
jeung walungan Citanduy, tegesna di Karangkamulyan ayeuna (tempat di sakiduleun
puseur dayeuh Ciamis).
Carita Ratu Galuh lain sajarah, tapi dongéng, sabab Ratu Galuh lain tokoh
dina sajarah, tapi tokoh dina mitos. Ku sabab éta mitos sumebar di masyarakat sacara
turun-tumurun, teu karasa éta mitos téh jadi “sajarah” anu ditarima ku masyarakat
(accepted history dina istilah basa Inggrisna mah).
Ajén Galuh jeung Ciamis dina Sajarah
Galuh sabagé ngaran resmi daérah jeung pamaréntahanana, mibanda ajén
sajarah anu luhur, pangpangna Galuh dina zaman karajaan. Ari sababna, Galuh ti
mimiti jadi karajaan nepi ka jadi kabupatén, ngawengku waktu anu kacida lilana
(awal abad ka-7 nepi ka akhir abad ka-16 M.). Dina mangsa éta, Galuh beunang
disebutkeun aya dina zaman kajayaan. Kajayaan Galuh anu kacida punjulna nyaéta
waktu puseur karajaan aya di Kawali, pangpangna dina mangsa pamaréntahan Prabu
Niskala Wastu Kancana. Hal éta diébréhkeun dina Prasasti Kawali I. Dina éta
prasasti aya kalimat anu unina kieu :
“….. nu siya mulia tanpa bhagya parebu raja wastu mangadeg di kuta kawali, nu
mahayu na kadatuan surawisesa ….. nu najur sagala desa …..“. Hartina : “….. nu
mulya pertapa nu bagja Prabu Raja Wastu, nu maréntah karaton Surawisésa ….. nu
ngawalgrikeun sanagara …..”.
4
Kalimah anu dijadikeun motto ku Pemda Kabupaten Ciamis ayeuna, nyaéta
“Pakena gawe rahhayu pakeun heubeul jaya di buana”, taya lian kalimah panutup
dina Prasasti Kawali I. Éta kalimah téh bagian tina falsafah kagaluhan anu mangrupa
amanah, sabab harti éta kalimah téh “kudu ngabiasakeun migawé (milampah)
kahadéan sangkan lila jaya di dunya”.
Sajaba ti kitu, Galuh ogé ngabogaan ajén falsafah, nyaéta “Falsafah
Kagaluhan”. Éta falsafah dumasar kana pamadegan Prabu Haurkuning. Kusabab
kitu, éta falsafah disebut ogé “Élmu Kagaluhan Haurkuning”. Inti Falsafah/Élmu
Kagaluhan nya éta pamadegan, di antarana pamadegan yén “hirup kumbuh téh kudu
didasaran ku silih asih. Ananging hirup téh teu cukup ku asih baé, tapi kudu dipirig
ku budi pekerti anu hadé. Kudu aya pamilih antara hadé jeung goréng. Ari nu sok
kaseungitkeun téh taya lian anging anu berbudi”.
Sajaba ti ngandung ajén falsafah, kecap “galuh” bangun miboga daya magis.
Bisa jadi hal éta balukar tina sumebarna mitos Ratu Galuh di masyarakat. Sanggeus
Galuh jadi kabupaten, Galuh tetep ngabogaan ajén, tapi henteu luhur saperti keur
zaman karajaan. Kituna téh kaharti, sabab harita Galuh jadi daerah jajahan. Tapi
Kabupaten Galuh kungsi némbongkeun kamekaran, nyaéta dina mangsa pamaréntahan
Bupati R.A.A. Kusumadiningrat (1839 – 1886), anu katelah Kangjeng Prebu.
Dina mangsa éta pamor Galuh cukup luhur.
Kumaha ari Ciamis? Kecap atawa ngaran Ciamis ogé ngabogaan ajén, sabab
éta kecap atawa ngaran téh milu mangung di sajarah. Ana pon kitu, lamun
dibandingkeun jeung Galuh, ajén anu dipiboga ku kecap/ngaran Ciamis leuwih
handap batan Galuh. Aya sababaraha faktor anu matak ngurangan ajén Ciamis.
Kahiji, asal-usul kecap Ciamis basajan pisan. Kadua, kecap Ciamis henteu
ngabogaan harti anu jero sarta henteu ngandung ajén falsafah saperti kecap “galuh”.
Katilu, kecap/ngaran Ciamis dipaké ngaganti Galuh, nepi ka kiwari tacan kakoréh,
naon alesanana jeung tujuanana. Lamun kecap Ciamis jolna ti urang Galuh, tangtu
“amis” anu dimaksud nyaéta harti “amis” dina basa Sunda. Kana hal naon éta kecap
“amis’ téh dilarapkeunana? Sanajan di Galuh aya daérah-daérah anu ngahasilkeun
gula kawung, tapi Galuh henteu disebut daérah produsen gula. Lamun kecap “amis’
dina harti kiasan, kiasan tina naon?
5
Sakumaha geus disebutkeun, kecap “amis” dina basa Jawa nuduhkeun bau
hanyir. Loba nu nyebutkeun, yén kecap Ciamis dilarapkeun jadi ngaran daérah anu
asalna Galuh, cenah mimitina mah diucapkeun ku urang Jawa (Mataram). Urang
Mataram nyebut kitu dumasar kana kayaan di Galuh. Dina hiji waktu di puseur
Galuh kaambeu bau hanyir getih. Éta getih téh getih manusa. Mémang di daérah
Galuh kungsi aya kajadian anu ngabalukarkeun ambayabahna getih manusa anu
bobor karahayuan dina adu jurit atawa dihukum mati ku pihak Mataram. Kajadian
anu ngabalukarkeun di Galuh bajir getih, di antarana nyaéta tragedi di Ciancang
(Utama) taun 1739 anu katelah “Bedah Ciancang”. Harita Ciancang dirurug ku
mangréwu-réwu barandal ti Banyumas. Mangratus-ratus barandal akhirna tiwas ku
prajurit Ciancang anu dibantuan ku pasukan ti Sukapura, Limbangan, Parakanmuncang
jeung Sumedang.
Lamun seug bener yén sebutan Ciamis anu jolna ti urang Mataram téh
dumasar kana banjir getih anu kungsi kajadian di Galuh, hartina sebutan Ciamis téh
ngandung panghina. Naha urang Galuh narima kitu baé kana éta panghina?
Dumasar kana hal-hal anu geus disebutkeun, kecap Galuh leuwih loyog,
leuwih merenah dipaké deui ngaran daérah jeung pamaréntahan anu ayeuna disebut
Ciamis. Cindekna mah, ngaran Ciamis ganti deui ku Galuh! Éta pamikiran asana
henteu kaleuleuwihi, sabab luyu jeung ajén Galuh anu nepi ka kiwari dipikareueus ku
urang Galuh.
Hapunten, sanés “goong nabeuh maneh” sareng “agul ku payung butut”, eta
pamikiran kungsi dikedalkeun ku sim kuring dina pasamoan Wargi Galuh tanggal 19
Januari 2003 anu diayakeun di Aula Unpad Jalan Dipati Ukur 35 Bandung.
Kabeneran éta pasamoan diluuhan ku gegedén ti Pemda Ciamis, nyaéta Bapa Bupati
sareng Bapa Sekda. Mugia baé aranjeuna masihan perhatosan, sabab sabagian Wargi
Galuh anu hadir dina éta pasamoan, narima kalayan daria kana pamikiran sim kuring.
Teu mustahil, anu boga pamikiran kitu téh sanés sim kuring wungkul.
Lamun wargi Galuh reueus kana ngaran Galuh, lain ngandung harti yén urang
Galuh ngabogaan sikep sukuisme. Éta sikep téh wajar tapi luhung, sabab
ngébréhkeun sikep ngamumulé jati diri, teu lali ka purwadaksina. Urang Galuh kudu
miboga tabéat anu loyog jeung falsafah kagaluhan.
6
Dumasar kana kecap “galuh” anu miboga harti nu jero — iwal ti harti anu
disodorkeun ku van der Meulen — jeung ajén nu luhur, sacara teori, ngaran Galuh
bisa jadi pameungkeut pageuhna “kaduluran”, khususna di antara sasama urang
Galuh. Eta potensi téh cukup penting hartina pikeun otonomi daérah (otda), sabab
otda ngandung harti kudu ngamangpaatkeun sagala daya nu aya di daérah, kaasup
sdm (sumber daya manusa).
Mugia asal ngaran Galuh balik deui ka Galuh, tinekanan.
Bandung, 8 November 2003
*Sajarawan Fakultas Sastra Unpad asal Galuh/
Anggota Pangurus Pusat Studi Sunda
7
Numutkeun galur sajarah, Galuh mimitina hiji daerah bawahan Karajaan
Tarumanagara anu ngadeg dina abad ka-5 Maséhi. Saterusna, Galuh jadi hiji
karajaan. Sakumaha anu geus disebutkeun, Karajaan Galuh diadegkeun ku
Wretikandayun awal abad ka-7 M. Mimiti taun 670, Galuh jadi karajaan mandiri,
leupas tina kakawasaan Karajaan Tarumanagara, anu harita geus jadi Karajaan
Sunda. Wilayah Karajaan Galuh harita ngawengku daerah anu aya di wetaneun
walungan Citarum.
Sanggeus mandiri, Karajaan Galuh boga hubungan jeung Karajaan Kalingga
di JawaTengah. Eta hubungan didasaran ku tali jodo (perkawinan) antara putra
mahkota Galuh jeung putri mahkota Kalingga. Dumasar kana eta kajadian, naha
make aya nu nyebutkeun, lalaki Sunda teu meunang (pamali) kawin ka awewe Jawa?
Hubungan antara Galuh jeung Kalingga ngabalukarkeun kauntungan pikeun Galuh.
Tempat-tempat anu make ngaran Galuh, nyaeta Rajagaluh (Majalengka), Galuh
(Purbalingga), Sirah Galuh (Cilacap), Galuh Timur (Buniayu), Segaluh jeung
walungan Begaluh (Leksono), Samigaluh (Purworejo), jeung Ujung (Hujung) Galuh
di Jawa Timur, bisa jadi eta tempat-tempat teh kungsi aya dina kakawasaan Galuh.
Waktu Galuh diparentah ku Rahiyang Sanjaya (723 – 732), Karajaan Galuh
dihijikeun jeung Karajaan Sunda. Kituna teh ku sabab Sanjaya jadi minantu Raja
Sunda Maharaja Tarusbawa tur dipasrahan pamarentahan. Nepi ka mangsa
pamarentahan Rahiyang Tamperan, anak Sanjaya, puseur dayeuh Galuh aya di Galuh
(Karangkamulyan ayeuna). Dina mangsa pamarentahan Rahiyang Banga, anak
Tamperan, puseur karajaan pindah ka Pakuan Pajajaran (kira-kira dayeuh Bogor
8
ayeuna). Ku saba kitu, eta karajaan biasa disebut Karajaan Pajajaran. Harita di Galuh
tetep aya pamarentahan karajaan.
Dina abad ka-14 nepi ka akhir abad ka-15 M., puseur dayeuh Karajaan
Sunda-Galuh aya di Kawali (Astana Gede Kawali ayeuna). Di eta tempat diadegkeun
karaton anu dingaranan Surawisesa. Salila puseur karajaan aya di Kawali, Karajaan
Sunda-Galuh diparentah ku tujuh raja sacara turun-tumurun, mimiti Linggadewata
(1311 – 1333) nepi ka Dewa Niskala (1475 – 1482). Waktu puseur karajaan aya di
Galuh jeung di Kawali, Karajaan Sunda-Galuh aya dina mangsa kajayaan. Pamor
Galuh waktu harita kacida luhurna, sabab karajaan ngawengku wilayah kakawasaan
anu lega. Beunang disebutkeun, nya harita Galuh jadi “galeuh” na Tatar Sunda.
Dina mangsa pamarentahan Sri Baduga Maharaja (1482 – 1521), puseur
karajaan pindah deui ka Pakuan Pajajaran. Ti harita, beunang disebutkeun Karajaan
Galuh pisah deui jeung Karajaan Sunda (Sunda-Pajajaran). Puseur Karajaan Galuh
balik deui ka Galuh. Karajaan Sunda-Pajajaran runtag dina taun 1579 ku pangrurug
pasukan Banten dina raraga nyebarkeun agama Islam. Ari Karajaan Galuh tetep
ngadeg, diparentah ku Prabu Sanghiyang Cipta di Galuh (1580 – 1595), anak Prabu
Haurkuning. Ngeunaan Prabu Haurkuning masih keneh poekeun, sabab katerangan
ngeunaan eta raja karek saeutik pisan anu kapanggih. Bisa jadi Prabu Haurkuning
marentah Galuh sazaman jeung pamarentahan Nusiya Mulya (1567 – 1579), raja
Sunda-Pajajaran anu panutup.
Ti mimiti kaereh ku Mataram, pamor Galuh turun, tina karajaan jadi
kabupaten. Ti harita Galuh jadi daerah jajahan, nyaeta jajahan Mataram (1595 –
1705) diteruskeun ku Kompeni (1705 – 1799). Saterusna Galuh aya dina kakawasaan
9
Pamarentah Hindia Walanda nepi ka awal taun 1942 jeung pendudukan Jepang (1942
– 1945).
Sanggeus Galuh jadi kabupaten, pamarentahan lumangsung di Garatengah
(daerah Cineam ayeuna) anu dijadikeun dayeuh (ibukota) kabupaten. Saterusna
dayeuh kabupaten pundah-pindah. Ti Garatengah pindah ka Calingcing (samentara
waktu), terus ka Bendanegara (Panyingkiran). Waktu Adipati Jayanagara (Mas
Bongsar) jadi Bupati Galuh, tanggal 12 Juni 1642 puseur kabupaten dipindahkeun
deui ka Barunay (daerah Imbanagara ayeuna). Tanggal ieu pisan anu ayeuna dipake
titimangsa (hari jadi) Kabuapten Ciamis.
Numutkeun sim kuring, tanggal 12 Juni 1642 henteu merenah dijadikeun
titimangsa ngadegna Kabupaten Ciamis. Alasanana jelas pisan. Tanggal eta mah
kapan tanggal pindahna ibukota kabupaten ti Panyingkiran ka Imbanagara. Ari
Kabupaten Ciamis anu asalna Kabupaten Galuh, kapan ngadegna teh jauh samemeh
tanggal eta. Sakuduna hari jadi eta kabupaten diganti ku tanggal anu loyog jeung
kajadianana. Lamun henteu diganti, hartina urang mere warisan ka generasi panerus,
sajarah anu salah.

 
1 Komentar

Ditulis oleh pada November 28, 2010 in Opini

 

One response to “CIAMIS PULANGKEUN DEUI KA GALUH

  1. undang

    September 6, 2015 at 1:24 pm

    satuju pisan upami nami ciamis di gentos janten Galuh,,langkung enakeun sareng gagah.. matak abdimah sok nyebat ti galuh weh pami aya nu naros asal. .. Amin kang mudah2an atuh tiasa di perhatoskeun ku anu berwenang..

     

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

 
%d blogger menyukai ini: